PANGALAMAN KURING LIBURAN KA MALAYSIA
Pangalaman kuring liburan ka Malaysia mangrupa pangalaman
munggaran pikeun kuring indit ka luar negeri. Harita téh kuring masih sakola di
SD kelas 6. Kuring diajak ku Bibi kuring pikeun liburan ka Malaysia. Pastina
kuring bungah pisan, ngan hanjakal kuring indit henteu jeung kolot
kuring. Acarana ngadadak sabab harita téh aya promo tikét pesawat bulak-balik
Bandung - Malaysia salila tilu poé.
Malaysia mangrupa salah sahiji Nagara ASEAN anu jadi tujuan wisata nu
cukup dipikaresep ku urang Indonesia kaasup simkuring. Puseur kotana nyaéta
Kuala Lumpur. Karagaman pendudukna ngawengku Melayu, India, China, Arab jeung
Eropa. Kalawan kamajuan anu pesat pisan. Kuala Lumpur jadi salah sahiji
déstinasi wisata nu kudu dijugjug.
Wisatawan ti unggal daérah di Malaysia jeung mancanagara daratang pikeun
ngarasakeun pakanci anu pikaresepeun di Malaysia. Loba
pisan tempat wisata di Malaysia nu kawentar nepi ka mancanagara. Salila ieu
meureun anu dipikanyaho ku para wisatawan nya éta Menara Kembar Petronas (Twins
Tower). Nyatana Malaysia lain ngan saukur Menara Kembar Petronas, sabab masih
kénéh loba pisan tempat wisata di Malaysia anu matak ngirut pikeun didatangan
ku urang.
Dina waktu nu geus ditangtukeun pikeun indit ka Malaysia, kuring
siap-siap ti peuting kénéh. Saterusna kuring indit ka Bandara Husein
Sastranegara kira-kira jam 01:00 janari. Ahirna kuring nepi di Bandara jam 5
subuh. Di dinya kuring masih nungguan jadwal keberangkatan ngagunakeun maskapai
Penerbangan Air Asia. Geuning maskapai ieu téh milik nagara Malaysia. Sarua
jeung Indonesia nu ngabogaan maskapai Penerbangan Garuda Airlines. Samemehna
kuring ka bagian imigrasi heula pikeun ngecék paspor.
Alhamdulillah lolos pangecekan ti imigrasi.
Pesawat nu ditumpakan ku kuring indit kira-kira jam 07:00 sabab ngalaman delay. Kuduna mah pesawat téh indit jam 06.00. Ahirna pesawat mendarat di Bandara Kuala Lumpur Internasional Airport jam 09.00. Kuring turun ti pesawat muru ka bagian imigrasi pikeun ngecék paspor. Indit ka Malaysia mah cukup maké paspor wungkul , teu kudu aya Visa sagala sabab Malaysia mah salah sahiji nagara ASEAN anu ngabébaskeun penggunaan Visa. Saméméh ngajugjug lalampahan ka Bukit Bintang anu merlukeun waktu kira-kira 2 jam, kuring mampir heula ka Subway pikeun dalahar. Sanggeus éta mah kuring indit ka hotél Golden Three Boutique maké beus anu disadiakeun ku pihak bandara.
Poé kahiji kaping 26 Séptember 2018, kuring ngajugjug tilu tempat wisata nya éta Bukit Bintang, KLCC, jeung Petronas.
- Bukit Bintang Walkway Malaysia (Segitiga Emas)
Loba tempat-tempat pijat réfléksi anu paling kasohor. Urang bisa ngarasakeun pijat awak, suku, atawa Spa di tempat-tempat pijat réfléksiologi anu aya di sapanjang jalan Bukit Bintang ieu. Tempat pijat ieu biasana buka nepi ka tengah peuting. Lolobana pelanggan nu datang ka tempat ieu sanggeus maranéhanana capé shopping atawa ngan saukur rélaksasi tina kacapéan gawé sapopoé. Lamun geus tengah poé jeung urang ngarasa lapar, tangtu ieu tempat bisa jadi salah sahiji tempat pikeun dahar. Loba pisan tempat dahar di Bukit Bintang. Kalawan anéka kulinér anu ngagiurkeun bisa ngajadikeun urang katagihan. Harita kuring dahar sangu Hayam Hainan Chee Meng di Restoran Spice of Punjab. Bukit Bintang mangrupa salah sahiji kawasan wisata anu ramé pisan didatangan. Salian ti tempat wisata kulinér, bukit bintang ogé mangrupa tempat balanja anu ku urang ulah diapilainkeun. Sabenerna Bukit Bintang mangrupa tempat balanja di Malaysia anu kawentar. Loba Mall anu nawarkeun barang branded jeung diskon husus.
| Hayam Hainan Chee Meng |
- Suria KLCC
Saterusna kuring ngajugjug Suria KLCC anu notabéné mangrupa pusat dunya anu ramé pisan, komo lamun urang datang peuting. Di Suria KLCC ieu, urang bisa ngarasakeun rupa-rupa lokasi tempat pikeun dahar peuting jeung hiburan nu matak ngirut. Déstinasi ieu wisata balanja di Kuala Lumpur aya di handap Menara Kembar Petronas nu jangkungna 5 lantai kalawan loba jenis toko. Ieu Suria KLCC geus buka ti bulan Mei 1998. Sok sanajan geus lila, ieu tempat geus maké gaya arsitéktur modern, di dieu urang bisa loba meuli mérk fashion anu kasohor, gadget anu panganyarna, perhiasan, furniture jeung aksésoris nu kasohor.
- Menara Kembar Petronas Malaysia
Bada Magrib kuring ngajugjug Petronas Twin Towers nu ngabogaan total 88 lantai. Jangkungna 451,9 m jeung 40 lift/eskalator tiap menarana. Menara Kembar Petronas pernah jadi tower pangjangkungna di dunya salila 6 taun. Tapi beuki dieu beuki canggih nepi ka loba jalma nu nyieun tower pajangkung-jangkung nepi ka Petronas Twin Tower ayeuna jadi salah sahiji menara paling jangkung di dunya anu aya di peringkat ka 11.
Petronas mangrupa gedung paling jangkung di Nagara Malaysia. Salian ti éta aya jambatan anu ngahubungkeun dua tower jeung masih jadi nyepeng tittle jambatan gedung paling jangkung di dunya. Inspirasi ieu menara dicokot tina wangun géometris tina arsitektur Islam. Struktur raksasa anu megah ieu dirancang ku arsiték Argéntina-Amérika anu ngarana Cesar Pelli. Menara nu diresmikeun dina tanggal 1 Agustus 1999 ayeuna boga fungsi salaku perkantoran, tempat wisata jeung shopping mall. Menara Kembar Petronas kalolobaanana diwangun tina beton anu pengkuh jeung ékstérior wangunan tina baja jeung kaca anu dirancang maké motif kasenian Islam anu méré ciri mayoritas agama Islam di Malaysia. Di handap wangunan ieu, aya taman KLCC jeung mall KLCC salega 69.000 m2 anu nyadiakeun jalur pikeun jogging jeung leumpang, kolam air mancur anu dipapaés pertunjukan cahaya, kolam rendam jeung aréna pikeun ulin barudak. Pétronas Twin Tower jangkungna 451,9 meter. Bisa dijugjug ku saha waé nu panasaran kana kamegahanana. Ieu menara geus jadi gedung ikonik jeung ngabogaan ajén sajarah modern di nagri Jiran.
Poé kadua kaping 27 Séptember 2018, kuring ngajugjug dua tempat wisata nya éta Batu Caves jeung Jalan Alor.
- Batu Caves
Isuk-isuk kira-kira jam dalapanan kuring ngajugjug ka Batu Caves. Posisina 15 kilométer ti
Kuala Lumpur. Aya di antara perjalanan ti kota ka Genting. Objek wisata Batu
Caves mangrupa gabungan antara wisata alam jeung wisata réligi. Guha anu
dijieun tina batu gamping taun ieu ngabogaan umur 400 juta sarat nuansa agama
Hindu, lukisan jeung patung-patung déwa nu mapaés sakuriling guha.
Nepi ka hareup Batu Caves urang dipapag ku patung Déwa Muragan
sajangkung 42 méter. Loba jalma sering nyebut ieu patung Malaysia lantaran loba
pisan jalma ka Malaysia foto-foto di hareupeun ieu patung. Ieu patung warnana
kaemasan ngajadikeun eye catching. Unggal taunna rébuan umat Hindu datang
pikeun ngarayakeun féstival Thaipusam anu sok diayakeun dina ahir bulan
Januari.
Temple Cave atawa
Cathedral Cave mangrupa guha utama anu bisa dihontal ku naék 272 anak tangga.
Di puncakna urang bisa ningali kaayaan puseur dayeuh anu éndah. Ieu guha
dijadikeun kuil umat Hindu jeung dipersembahkeun ka Dewa Muragan. Ati-ati waktu
naék kana anak tangga lantaran urang bakal disampeurkeun ku monyét-monyét anu
ménta dahareun.
Panto asup Dark Cave bisa
ditingali di tengah lalampahan ngajugjug
Temple Cave. Dark Cave mangrupa habitat lancah anu langka di dunya. Trapdoor
Spider. Ieu objék wisata nawarkeun ngalalana di jero guha dibarengan édukasi
sains. Waktu ngiluan Tur Edukasi anu lumangsung salila 45 menit. Tourguide méré
hélm jeung sénter. Urang diajak ningalian susunan batu-batu guha, kalong, jeung
ngarasakeun rébuan cucunguk léwat kana suku urang. Sedengkeun pikeun Tur
ngalalana anu waktuna 3 – 4 jam, urang babaseuhan jeung ngaléwatan celah-celah
guha anu sempit. Ieu Tur ngan aya di poé sabtu jeung minggu, sarta berlaku
pikeun umur 12 taun ka luhur. Tapi , pikeun ngiluan Tur ngalalana, urang kudu
ngalakukeun reservasi saméméhna saminggu saméméhna ku ngirim e-mail ka info@cave-management.com.
Tapi biasana jarang pisan anu ngiluan ieu program, lolobana ngan naék tangga nepi ka luhur terus turun deui. Saterusna urang ogé bisa ka Cave Villa anu aya di kaki guha. Cahaya warna warni nyaangan sapanjang guha nu manjang rupa-rupa lukisan patung, puisi jeung tokoh-tokoh ti mitologi Hindu. Aya ogé plakat-plakat tulisan kekecapan bijak jeung kotak-kotak kaca nu eusina rupa-rupa jenis oray jeung reptil.
Lebah henteu jauh ti
patung Hanoman. Saperti ngaranna, ieu guha dipinuhan ku patung-patung jeung
adegan-adegan tina kisah epik Ramayana. Di luar guha aya hiji patung sapi anu
ngabogaan suku lima, anu baheula pernah hirup bebas di sabudeureun guha nepi ka
maotna alatan umur geus kolot.
Henteu hésé indit ka dieu.
Urang bisa naék KTM (Kereta api Tanah Melayu) ti KL sentral ka Batu Caves
Komuter Station. Karétana dilengkepan ku tempat diuk husus awéwé. Urang ogé
bisa nyobaan ngagunakeun monorail ti KL sentral ngajugjug Titiwangsa Station.
Ti dinya urang naék beus ngajugjug Batu Caves. Pilihan lianna nya éta naék beus
intrakota nomor 11D ti Central Markét atawa beus cityliner nomer 69 ti Jalan
Pudu ngajugjug Batu Caves.
Saméméh urang naék bakal nongton heula cara nyieun jeung teknologina. Kumaha teknologi penangkal petir diimplementasikeun di ieu menara, jeung naon nu bakal kajadian saupama Twin Tower kasambar ku petir. Video dokuméntasi ieu matak ngirut lantaran urang bakal nyaho saha waé anu ngilu aub dina pangwangunan Twin Tower ieu. Terus sanggeus 10 menit sajarah singkat. Urang dianteur naék ka luhur ngagunakeun lift berkecepatan tinggi. Dina waktu nepi ka lantai 41, urang bakal dibéré waktu 10-15 menit pikeun foto-foto jeung ngarasakeun kaéndahan KL ti Pétronas Twin Tower.
| Batu Caves Selangor Malaysia |
- Jalan Alor Malaysia
Balik ti Batu Caves kuring ngajugjug ka Jalan Alor, Kuala Lumpur, Malaysia. Jalan Alor mémang mangrupa tempat wisata kulinér, pasna di kawasan élit Bukit Bintang, Kuala Lumpur. Henteu hésé manggihan Jalan Alor, ku leumpang ngan merlukeun waktu kira-kira 5 menit. Perjalanan ti stasiun kareta Monorel Bukit Bintang, posisina ka arah Raja Chulan. Béda jeung kawasan Bukit Bintang nu lainna nu dipinuhan ku pusat perbelanjaan élit jeung mahal. Beuki peuting lain kalahkah sepi tapi justru ramé pisan.
Jalan Alor justru surgana nu resep rupa-rupa kadaharan murah jeung kaki lima. Rupa-rupa kadaharan bisa kapanggih di dieu, boh kadaharan ala India, Melayu jeung kalolobaanana nya éta bercita rasa Cina. Aya kadaharan, aya ogé inuman, diantarana rupa-rupa téh saperti téh tarik jeung téh ‘oolong’ khas Pecinan. Lain saukur kadaharan beurat wungkul, macem-macem bubuahan seger jeung nu dipotongan ogé loba didagangkeun, kaasup durén. Harga dahareunna kaasup murah pikeun ukuran kota gedé sakaliber Kuala Lumpur. Hiji ménu kadaharan bisa dibeuli ku harga mulai 5-15 Ringgit Malaysia atawa sarua jeung kira-kira Rp. 20.000,- nepi ka Rp. 60.000,-. Inumannana loba ku harga 2-3 Ringgit Malaysia atawa sarua jeung kira-kira Rp. 7.000,- nepi ka Rp. 10.000. Bubuahanana nu rada mahal lamun dibandingkeun jeung di wilayah lain di Malaysia. Contona mangga, jeruk jeung ganas, Perpotong kira-kira 3 Ringgit Malaysia atawa sekitar Rp. 10.000,-. Lamun hayang meuli kiloan, biasana hargana sekitar 10 Ringgit Malaysia atawa sarua jeung Rp. 35.000,-. Di ditu kuring dahar kadaharan Cina (Chinese Food) jeung és krim kalapa muda.
Kaayaanana saperti di jalanan. Ulah ngabayangkeun dahar jeung nginum maké korsi jeung méja anu éksklusif jeung empuk. Para pelanggan diuk jeung dahar di korsi jeung méja plastik bari ngarasakeun udara jeung kaayaan peuting Jalan Alor anu ramé pisan. Kaayaan saperti kieu anu justru jadi pangirut anu béda di wisata kuliner di Jalan Alor.
Lamun hayang ka Jalan Alor, alusna urang leumpang ti kawasan Bukit Bintang. Lamun ngagunakeun taksi atawa mobil, mulai soré jalanan jeung daérah sabudeureun Jalan Alor padet jeung macét. Di sabudeureun Jalan Alor jeung kawasan Bukit Bintang ieu, salian pusat perbelanjaan, ogé loba panginepan atawa hotél. Mulai hotél bintang 5 nepi ka kelas backpacker atawa kelas murah. Jadi ulah anéh, beuki peuting kaayaanana ogé bakal beuki ramé, boh ku masarakat lokal ogé para turis mancanagara. Di Jalan Alor réa gang nu pinuh ku mural (gambar-gambar nu dihias). Kuring leumpang bari ningalian mural nu kacida alusna jeung teu hilap moto jalan gang nu pinuh ku mural sakalian kuring ogé difoto.
| Kadaharan ala Cina |
Poé katilu kaping 28 Séptember 2018, kuring ngajugjug tempat wisata : Dataran Merdéka, Masjid Jamek jeung Sultan Abdul Samad Building.
- Dataran Merdéka atawa Merdéka Square Malaysia
Jam 10an kuring ngajugjug Dataran Merdéka, Kuala lumpur. Kuala Lumpur dina waktu beurang jadi kagiatan anu pikaresepeun sabab loba hal anu bisa ditingali di tengah kota. Mimiti ti gedung-gedung pencakar langit modern jeung pusat shopping nepi ka wangunan kuno anu karawat pisan nepi ka katingali éndah pisan. Kawasan wangunan gaya kolonial di Dataran Merdéka KL bisa dijugjug ku leumpang.
Ku ngagunakeun layanan
beus gratis pikeun ngurilingan Dayeuh Kuala Lumpur. Go KL, kuring ngajugjug ka
Dataran Merdeka ti KL Sentral. Perjalanan ngan saukur méakeun waktu kira-kira
10 menit. Beus GO KL blue line ieu terus euereun pas di hareupeun lapang
Dataran Merdeka. Loba panumpang nu turun di dieu sabab Dataran Merdeka mangrupa
salah sahiji déstinasi wisata di Kuala Lumpur, Malaysia. Dataran Merdeka
ngawengku sababaraha wangunan kuno di hiji sisi jeung hiji lapang lega di sisi
lainna. Ieu lapangan mangrupa saksi sajarah waktu bandéra Union Jack milik
Inggris diturunkeun jeung bandéra Malaysia munggaran dikibarkeun dina tanggal
31 Agustus 1957. Ti waktu éta, unggal Poé Kemerdékaan Malaysia di dieu digelar
Parade Poé Kemerdékaan. Saméméh merdéka, ieu lapangan ngarana Selangor Club
Padang milik Selangor Club. Lapanganna saterusna dipindahkeun ka sebrang
Dataran Merdéka.
Hal anu paling ngirut
pikeun simkuring di kawasan Dataran Merdéka ieu aya di sebrangna. Wangunan kuno
titinggal kolonial Inggris ngajajar di sebrang Dataran Merdeka. Anu paling
nyolok jeung katingali éndah nyaéta wangunan Sultan Abdul Samad. Ieu wangunan ngabogaan gaya unik
jeung menara jam nu aya di puncak kubah. Aya ogé sababaraha kubah khas masjid
anu kapasang di bagian hareup gedung.
Wangunan Sultan Abdul
Samad sabenerna boga fungsi pikeun gedung kementerian Malaysia Jeung kantor
pos. Wangunan klasik ieu diwangun ku A.C Norman dina taun 1897 kalawan gaya
arsitéktur Mughal atawa Moorish. Wangunanana anu dilengkepan menara jam jeung
warna krém jadi lokasi poto favorit para turis kaasup simkuring. Kawasan di
sabudeureun ieu wangunan bersih pisan, kaasup trotoarna nepi ka saha waé anu
ngalewat ngarasa nyaman.
Di belah wangunan Sultan
Abdul Samad ngadeg wangunan kolonial lianna anu nyatana nyaéta National History
Museum Serajah Nasional dina basa Melayu. Wangunan museum ieu tadina bank tapi
ti taun 1966 fungsina dirobah jadi museum nasional. Di belah gedung aya Galeri
Kuala Lumpur kalawan tulisan ‘I Love KL’ anu jadi ikonik. Tangtuna kuring moal
ngaléwatan kasempetan pikeun foto-foto di hareupeun ieu tulisan.
Di kawasan Dataran Merdeka
ogé aya sababaraha gedung lain anu ngabogaan gaya Mughal atawa Moorish kalawan
ciri khas kubah di bagian hateup wangunan. Saperti gedung Muzium Tékstil atawa
museum téksil anu wangunanana mirip jeung wangunan Sultan Abdul Samad ngan
ditambah garis-garis bodas jeung beureum ngora.
Ngajalajah Dataran Merdéka di Kuala Lumpur jadi kagiatan anu asyik jeung nyaman salila travelling ka KL sabab aréana bersih pisan jeung gedung-gedung kunona karawat pisan jeung bersih. Lamun urang rék KL , ulah poho ogé ngajugjug Masjid Jamek anu lokasina deukeut jeung Dataran Merdéka, pasna aya di Jalan Tun Pérak. Ieu masjid mangrupa salah sahiji masjid pangkolotna di Malaysia jeung diwangun ku para padagang India Muslim anu datang ka Malaysia pikeun ngadon dagang.
Bada Lohor, kuring ngajugjug Masjid Jamek bari sakalian sholat lohor. Masjid ieu téh lain ngan saukur didatangan ku nu hayang ibadah, tapi ogé ngirut kunjungan para turis. Sarua halna di mesjid Jamek, salah sahiji masjid paling kolot di Kuala Lumpur anu sok suksés didatangan ku loba turis pédah kaéndahan arsitekturna. Masjid Jamek malah ngabogaan aréa solat di ruang terbuka anu mirip jeung masjid Nabawi di Madinah. Masjid Jamek posisina deukeut jeung stasiun LRT Masjid Jamek jadi bisa dideugdeug ku naék karéta LRT atawa cukup naék beus wisata gratis KL Go ti KL séntral. Tinggal leumpang sababaraha menit ti stasiun LRT atawa halte beus.
Masjid nu aya di pertemuan sungai Klang jeung Gombak ieu dibéré ngaran lengkep Masjid Jamek Sultan Abdul Samad. Jamek asalna ti basa Arab “Jamak”, sementara Sultan Abdul Samad nyaéta Sultan Selangor kaopat.
Masjid dibéré ngaran luyu jeung ngaran Sultan Selangor sabab diwangun di luhur tanah anu ngarupakeun bagian tina nagara bagian Selangor. Faktor nu ngirut datangna turis salah sahijina lantaran gaya wangunan masjid anu unik sarta matak ngirut. Aya di Malaysia anu kaasup kawasan Asia Tenggara tapi masjid Jamek ngabogaan ciri khas arsitéktur Moorish. Biasana gaya arsitéktur Moorish umum kapanggih di wangunan atawa masjid titinggal bangsa muslim Moorish ti Afrika Utara di Spanyol. Ieu hal ternyata anu ngalantarankeun arsiték anu ngawangun Masjid Jamek. Arthur Benison Hubback, ka inspirasi tina gaya wangunan Moorish atawa Mughal India.
Masjid Jamek anu diwangun dina taun 1909 didominasi ku warna beureum bata jeung bodas, dindingna batu bata, ngabogaan 2 menara sarta 3 kubah warna bodas. Bagian masjid ngabogaan loba gerbang melengkung anu jadi ciri khas arsitéktur Moorish.
Hal unik lainna nyaéta buruan masjid anu ditutupan atap anu mirip jeung masjid Nabawi di Madinah. Éndah pisan…
Salah sahiji waktu nu paling alus ngadatangan Masjid Jamek nya éta dina waktu peuting lantaran masjid katingali ngaluarkeun cahaya biru tina pancaran cahaya LED. Leuwih éndah deui lamun ditingali di sisi walungan. Kalawan sagala kaéndahanana pantesan lamun Masjid Jamek sok waé dijugjug ku para turis, lain ngan saukur umat muslim wungkul.
Masjid Jamek ogé ngabogaan balong nu éndah anu digunakeun paranti wudlu. Lamun hayang ngadatangan Masjid Jamek, pastikeun maké pakéan anu nutup di bagian leungeun jeung suku. Awéwé dikudukeun nutup sirah. Tapi geus disadiakeun jilbab pikeun anu teu maké tutup sirah. Ulah lali ngajugjug masjid dina waktu masjid dibuka nya! Raména deui disadiakeun tur babarengan sarta pemandu sacara cuma-cuma pikeun turis anu datang. Ramé pisan wisata masjid di Kuala Lumpur !
| Masjid Jamek Malaysia |
- Sultan Abdul Samad Building Malaysia
Tempat wisata nu pangahirna dijugjug nya éta Wangunan Sultan Abdul Samad nu diadegkeun dina taun 1894 ku Sir Charles B.H. Mitchel. Arsitékna nya éta Arthur Charles Alfréd Norman. Ieu Bangunan diadumaniskeun antara arsitéktur Moor jeung Mughal. Arsitéktur Moor nyaéta seni arsitéktur berbasis Islami. Jeung arsitéktur Mughal nya éta seni arsitéktur gaya India.
Ieu wangunan dingaranan Sultan Abdul Samad sabab ieu wangunan diadegkeun dina masa Kasultanan Abdul Samad nya éta ti taun 1857-1898 dina mangsa éta. Ieu wangunan mimiti digunakeun pikeun kantor pamaréntahan kolonial Britania Raya (Inggris). Jeung sanggeus éta ieu wangunan geus sababaraha kali ganti fungsina. Ieu wangunan kajaga pisan kaaslian wangun asalna.
Di hareup ieu wangunan aya sababaraha sajarah pernah kajadian, salah sahijina nyaéta dikélébétkeunana bandéra Jalur Gemilang dina tanggal 31 Agustus 1957 anu hartina yén masarakat Malaysia geus merdeka tina penjajahan kolonial Britania Raya. Baheula di tempat ieu ogé aya pertambangan bijih timah anu ngajadikeun ékonomi Malaysia beuki maju dina waktu éta.
Kaayaan waktu peuting éndah pisan di tempat ieu. Menara jam dina wangunan ieu nyaruaan menara Big Ben nu aya di Kota London. Di hareupeun ieu wangunan sering diayakeun acara utamana pawai-pawai atawa arak-arakan dina waktu hari Kemerdékaan Malaysia dina tanggal 31 Agustus.
| Gedung Sultan Abdul Samad |
Komentar
Posting Komentar