RÉSÉNSI NOVEL SUNDA (JANGJI ASIH)




Peta Konsép

1. Idéntitas Novel
2. Sinopsis Carita
3. Unsur-unsur Intrinsik 
    a. Téma 
    b. Galur 
    c. Latar
    d. Palaku & Watek 
    e. Puseur Sawangan 
    f. Gaya Basa 
    g. Amanat
4. Unsur-unsur Ekstrinsik 
    a. Nilai Sosial
    b. Nilai Moral
5. Kaonjoyan 
6. Kahengkeran
7. Kacindekan  
8. Harepan

Jangji Asih


1. Identitas Novel

Judul Novel       : Jangji Asih
Pangarang          : Aam Amalia
Pamedal             : Kiblat Buku Utama
Ukuran Buku     : 15 x 21 cm
Jumlah Kaca      : 45 kaca
Tahun Medal      : 2017
ISBN                  : 978-979-8003-99-8
Kode Deposit     : DEP2022100700002
Tempat Medal    : Kota Bandung


2. Sinopsis

Sinopsis Azelia

Novel ieu nyaritakeun Asih, hiji murid  sakola karawitan nu miboga rupa goréng tapi sorana alus tur halimpu. Kacaritakeun sakolana téh rék magelarkeun pintonan drama-sora "Sangkuriang" dina raraga ngareuah-reuah tepung taun nu bakal ditongton ku inohong-inohong sa-Indonesia. Manehna meunang tawaran pikeun jadi panyulih sora (dubber) peran Nyi Dayang Sumbi. Ari anu meunang peran Nyi dayang Sumbi mah Lasmini, nya éta babaturanana anu panggeulisna di sakola tapi miboga sora anu goréng sabalikna ti Asih. Nu jadi Sangkuriang mah Tresna, lalaki anu dipikaresep ku Asih.

Méhméhan pagelaran téh batal lantaran Asih pundung sabab dina brosur pintonan téh ngaran panyulih sorana ngan ditulis ku mangsi, teu kacitak teuing dihaja atawa henteu. Manéhna ngarasa nyeri haté asa teu dihargaan. Geus dipénta ku sababaraha jalma, boh guru-guru, Pa Diréktur, babaturanana kaasup Tresna, lalaki anu dipikaresep ku manéhna ogé angger mugen. Tapi tungtungna mah manèhna daekeun ogé, pédah manéhna cinta jeung nyaah ka Tresna.

Sinopsis Gitsna

Dina kasus ieu, maranéhna ngalamankeun rasa nyeri haté sareng kebingungan nu ngagampangkeun samentawis. Maranéhna ngadu nyarita sareng ngatasi sorangan, tapi henteu dipercayaan ngan ukur sorangan.

Sinopsis Ghaisani

Novel Jangji Asih téh eusina ngenaan Asih anu gaduh sora alus ngan kurang pede pedah rupana goreng. 

Tapi aya hiji baturan lalakina ngarana Tresna anu deket jeung Asih anu ngadukung Asih jeung ngayakinkeun Asih bahwa Asih teh boga sora alus, jeung ngayakinkeun Asih tampang mah lain sagalana. 

Saprak éta Asih ngabogaan rasa ka Tresna Asih ngarasa nyaman mun aya di deket Tresna, pék téh aya baturan Asih anu bogoh ka Tresna ogé, jeng Katinggali Tresna na oge nanggap awéwé éta, éta ngabuat Asih bingung.

Sinopsi Defina

Novel Jangji Asih nyaritakeun salah sahiji murid sakola nu gaduh sora alus tapi rupa na goréng. Salah sahiji poé, Asih digeroan ku Pa Wira, guru na. Asih dititah jadi dubber ngaganti sora na Lasmini pas ngké drama Sangkuriang téh, sabab sora Lasmini goréng pisan. Asih keursa ngagantian sora na Lasmini bari nyeuri haté. Lasmini téh geulis na teu kacida, teu lalaki teu awewe, resep ka Lasmini. Tapi emak na Asih, tuluy nga sumangetkeun Asih.

Asih resep ka hiji lalaki, namina Tresna, lawan maen na Lasmini, ngagoda waé Asih. Tapi Tresna sareung Lasmini ge sok hereuy duaan, pi nyeuri hatéun Asih da cemburu ka maraneh na duaan. 

Pas drama atos berlangsung téh, batur tuluy ngabanggakeun Lasmini lantaran cocok pisan merankeun Nyi Dayang Sumbi, alus akting na. Tapi teu aya nu ngabagéan Asih salaku nu nga dubbing Lasmini, da mun teu aya Asih gé drama na moal sukses. Di lembaran brosur ge nami Asih teu aya, teu dicetak, Asih nyeuri haté pisan ngarasa teu digargaan. Asih ditawaran deui ka drama ku Tresna, tapi tuluy ditolak ogé ku Asih, da masih pi nyeuri haté.

Sinopsis Rania

Novel Jangji Asih téh nyaritaken si Asih anu goréng dina rupa bebengetan tapi alus sorana, Asih ngabogaan 3 lanceuk anu kararasep da nurun ka indungna geulis, Asih mah ka bapana. 
Asih kelas 3 SMA sakola kesenian lantaran Asih resep kanu seni nyaéta kawih da sorana alus téa. Hiji waktu sakolaanna ngayakeun drama "sangkuriang", Asih teh di jantenkeun panyulih sora atawa dubber téa, lantaran anu janten dayang sumbi na téh alus rupa tapi goréng sora anu jadi sangkuriangna nyaéta Tresna, anu di pikaresep ku Asih. 
Saatos pentas na beres Asih téh ngarasa asa teu dihargaan kumargi anu dibageaken teh Lasmini hungkul ai anjeuna henteu padahal Asih anu matak jadi Lasmini alus sora na téh, Asih mulih ka bumi pas ninggal brosurna nami Asih mung ditulis ngangge mangsi malahan mah di brosur nu lain mah teu aya pisan nami asih. Jadi wéh Asih teh alim deui ngiring acara pagelaran atos di olo-olo ogé tapi tungtungna ka olo da di olo na ku tresna.


3. Unsur-unsur Intrinsik

a. Tema                   : Katulusan Cinta jeung etika di dunia seni

b. Galur                  : Galur nu digunakeun dina ieu novel nya éta galur maju di mana runtuyan carita dicaritakeun ti mimiti nepi ka ahir sacara runtut.

c. Latar           
  • Latar waktu      : Latar waktu nu dianggé dina novel ieu nya éta isuk-isuk, siang, sonten jeung peuting. 
  • Latar Tempat    : Sakola,kelas, panggung, rohangan guru, warung, bumina Pa Sastra, imahna  Asih, rohang kacapi, wisma rumaja, gedong kasenian
d. Palaku & Watek 
  • Asih              : Miboga watek bageur, sabar,lungguh, sopan, gede hate, teu percaya diri.
  • Tresna           : Bageur, sopan, paduli
  • Lasmini         : Someah, centil
  • Pa Wira         : Resep heureuy, tukang mapatahan. nyariosna teges.
  • Pa Satra         : Kreatif, teges
  • Ema               : Bageur, mikanyaah ka asih
  • Tina & Sakir  : Resep heureuy.
Palaku tambahan    : Pa Ade, Pa Derektur  Dadang, Sulastri, Rahayu, Kang Baban, Kang Dadan jeung kang Gangan.

e. Puseur Sawangan: Puseur sawangan dina ieu novel ngagunakeun caturan jalma kahiji, nya éta ngagunakeun kecap sulur "kuring" jeung ngaagunakeun caturan jalma katilu, parapala yangaaku disebut ngaranna ( Asih, Tresna, lasmini, Pa Wira), atawa ngagu nakeun kecap sulur "manehna", "maranehna" . 
  
f. Gaya Basa :  Ngagunakeun basa Sunda nu basajan jeung babari kaharti.

g. Amanat     : Amanat nu nyangkaruk dina ieu novel nya éta ulah pernah ngarendahkeun batur tina penampilanana lantaran urang nyaho yen tiap jalma teh ngabogaan kaleuwihan jeung kakurangan masing-masing jeung ulah pernah ngamomorekeun perjoangan jalma nu geus ngabantu ka urang. Da Allah mah Maha Adil, jadi ulah ngabeda-bedakeun batur ti rupa, ti potensi, kabéh gé sami. Ulah ogé sok ngarasa rendah ti batur, kudu yakin tiap jalmi boga kaleuwihan jeung kakurangan na.

4. Unsur-unsur Ekstrinsik

a. Nilai Sosial
Nilai sosial nu aya dina novel ieu, nya éta sikep guru nu teu nyantumkeun nami Asih dina brosur pagelaran mangrupa sikep nu teu patut diconto lantaran ngabéda-bédakeun jalma lain padahal jalmana berjasa. Demi ngareuah-reuah tepung taun sakolana jeung ngaran alus sakolana, Asih daék jadi panyulih sora (dubber) sanajan nu merankeun  babaturanana, Lasmini.

b. Nilai Moral
Sikep guru jeung babaturanana nu nganilai Asih ngan milik kana panampilanana, mopohokeun yén tanpa Asih acara pagelaran moal bisa lumangsung. Mangkana ulah sok ngarendahkeun jalma lian ngan saukur tina panampilanana.

5. Kaonjoyan

a. Galur caritana babari kaharti, basajan jeung matak ngirut keur nu macana.

b. Sampul bukuna basajan sarta diilustrasian ku  poto Asih nu pameunteuna pinuh ku rasa kasedih luyu jeung galur eusi caritana.

c.  Ngajarkeun harti etika jeung katulusan cinta jeung kudu silihhargaan ka papada jalma.

6. Kahengkeran

a. Konflikna ngan hiji jeung diulang-ulang kasedih Asih téh nepika dinamika emosina jadi kurang jeung pikaboseneun.

b. Ahir caritana ngagantung, aya masalah-masalah nu can kajawab. Pangarang buru-buru teuing dina nganggeuskeun ieu carita. Manglebarkeun panutupan ieu novel anu bisa leuwih alus.

7. Kacindekkan

Carita ieu téh nekenkeun kedah ngapresiasi  sakumaha leutik peranna, toleransi, jeung sakumaha gorengna sikep batur ,urang kedah someah jeung profesional. Da hirup mah lain nu urang, tapi kumaha engkéna sanggeus kahirupan gumantung ka kumaha urang ngalakonan nu ayeuna.

8. Harepan

Percanten sareng yakin kana kemampuan anu aya dina diri arurang, lakukeun sadayana hal anu sanggup ku arurang lakukeun tunjukeun bakat sareng kamampuan anu arurang gaduh, masalah panampilan atawa rupa mah éta ngan hal leutik, geulis mah hal anu simple anu datang ti diri arurang nyarira. Teu kedah hariwang ngeunaan dipikanyaah jeung dipakadeudeuh, nyaah mah bakal mendakan arurang nyarira.

    


    
                             
    HATUR NUHUN











Komentar